Jejer buku : Panganten
Panulis : Deden Abdul Aziz
Pamedal : PT Kiblat Buku Utama
Citakan : Citakan ka-2, Jumadil Akhir 1431 H./Juni 2010
Kandel buku : 99 kaca
Novel
Panganten hasil karancage literer Deden Abdul Aziz nyaritakeun
kahirupan kaom rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka.
Rinrin minangka, tokoh utamana dina ieu novel boga kabogoh anu ngaranna
Iyang alias Gumilang. Iyang teh maot gara-gara OD di Cipanas.
Leungiteun ku Iyang, rinrin layeut jeung Ben babaturan sakamarna Iyang.
Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow. Di Partenon teh Rinrin
jeung Suminar sok ngaroko jeung nguyup arak. Saking layeutna Rinrin
jeung Suminar teh sok diajak maok ka unggal Mall jeung sok sare bareng
di Partenon. Tapi Suminar teh maot, maotna teh ku lantaran aborsi, da
keur kakandungan teuing ku saha. Dina
pamustungannana Rinrin gé hayang kawin teuing ka saha jeung teu jelas
sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan
manéh tepi ka hanteuna,manéhna ngarasa geus laksana papanganténan.
Novel
Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur
ku Nu Maha Kawasa. Tapi dina novel panganten ieu ngandung kata-kata
kasar jeung jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.
Sanggeus maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar