RESENSI NOVEL AWEWE DULANG TINANDE

|
Jejer Buku : Awewe Dulang Tinande,
Kenging : Tjaraka
Panyetak : Giri mukti pasaka
Taun Cetak : 1997
Kandel Buku : 201
| |
Di
jaman baheula kacaritakeun aya hiji jalma nu sok disebut Emang, camat
anyar nu kawentar beunghar tur kasep na, lulusan ti OSVIA (Opleiding
School Voor Inlands) nu sok di sebut sakola menak. Di kacamatan nu di
camatan ku Emang teh aya saluwuk kampung nu didumukan ku urang arab. Di
kampung ieu aya hiji pasang awewe jeung lalaki nu di angken aneh,
kusabab nu lalakina kolot, jeung goreng tapi pamajikanna mah kacida
geulis,bageur, tur someah. Loba nu hayangeun, ka eta awewe turunan
arab, nu ngarana Syarifah.
Hiji
wanci Emang datang ka padumukan Habib, caroge Syarifah, maksud na mah
si Emang teh hayang ngabuktikeun yen Habib teh boga pamajikan nu kacida
geulisna. Sabarang datang ka padumukan Habib, kaleresan panto eta di
bukana ku Syarifah, tuluy Emang teh bogoh ka eta awewe turunan arab.
Bulan
puasa di kacamatan Emang katarajang katiga banget, solokan ngoletrak
sumur-sumur rea nu saat. Emang nu apal lamun sumur di padumukan Habib
mah teu saat, nganiatan bade ka padumukan Habib kangge nyuhunkeun cai,
tapi kaleresan Habib nuju angkat ka luar kota, kasempetan ieu dipake ku
Emang pikeun nanyakeun ka Syarifan yen kunaon manehna daek jadi
pamajikan Habib nu geus kolot tur gempor. Syarifah ngajawab “ Adat urang
arab mah Bendara istri teh sapamasihan sareng teu tiasa nolak kumaha
Bapak pi salakieun teh teu kedah terang siga kumaha. Terang terang tos
dienggon. Sanajan parantos gempor ge Abdi satia kanu jadi salaki.”
Awewe
Dulang tinande mangrupa salasa hiji carita pondok nu aya dina kumpulan
carita Awewe Dulang Tinande, kenging TJARAKA. Tjaraka sok ngumumkeun
seratan-seratanna di majalah mangle. Salian nu mangrupa carita pondok,
Anjeuna oge seuer nyeratkeun pangalaman-pangalamanna nalika singkil
merjuangkeun kamerdekaan bangsa.
Dina
carita – carita pondokna Tjaraka leuwih rea ngagambarkeun kaayaan
sosial uarng Sunda. Imajinasina geus ngahirupkeun gambaran realitas anu
kungsi kasampak dina kahirupan urang sosial sunda, kukituna
carita-carita Tjaraka lain wungkul rekaan anu ngan dumasar kana fantasi
anu diumbar pikeun ngabeberah hate bae. Basa sunda nu di gunakeun
Tjaraka oge luyu pisan jeung kaayaan kahirupan sosial anu di gambarkeun
nana.
Dina
buku ieu aya sababaraha judul carita anu tiasa di jadikeun pangajaran
keur kahirupan uarng sadaya, contona Haturan Agan Nunung Rajainten,
Astagfirullah’al adlim, Juragan Kawasa, jeung sajabana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar