Jejer Buku : TRI TANGTU DI BUMI
Panulis : Yoseph Iskandar
Pamedal : Pusat Studi Sunda
Citakan : Citakan ka-1, Yayasan Pembangunan Jawa Barat, 1992
Citakan ka-2, Pusat Studi Sunda, Agustus 2011
Kandel Buku: 88 kaca
Ringkesan Buku :
Putusan sawala para pangagung Nagri Galuh jeung Nagri Sunda di nagri
Batulayang, kalawan distujuan ku Purohita ngara masing – masing. Namung
kadaton karasa kosong sabab Prabu Dewa Niskala mindeng ngajentul nangkep
tuur tuluy ambek – ambekan wae nepi ka prameswari jeung selir – selir
nyalalingkir. Tinggal Rahadiyan Baribin minantuna anu maturan manehna.
Prabu Dewa Niskala nananyaan tuluy ka minantuna ngeunaan Nagri Galuh
jeung Nagri Sunda namung Rahadiyan Baribin teu nyaho nanaon. Nepi ka
kanyahoan aya lalayang nu can nepi ka Prabu Dewa Niskala, ngajieun
manehna beuki amuk – amukan.
Kadaton Sri Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati, lima kadaton nu aya
di dayeuh pakuan, Prabu anom Jayadewata datang kaditu rek nepungan
mitohana. Namung basa keur ngobrol, Paman Lengser datang tuluy ngabejaan
yen aya 4 urang lalaki nu maksa haying nepungan Prabu Anom Jayadewata.
Opatan eta the adi – adina ti Nagri lian boga niatan rek nepikeun pesan
ti kolotna ngeunaag Nagri sunda.
Prabu Anom Jayadewata mikiran ngeunaan Nagri Sunda di imah pamajikana
nu kadua Nyai Kentring Manik Mayang Sunda, namung sabab ku anteng
ngobrol, tuluy teu kahaja Nyai Kentring Manik Mayang Sunda kasinggung
ngeunaan hese wae boga anak, ari pamajikan Prabu Anom Jayadewata nu
kahiji nyaeta Nyai Subanglarang ayeuna teh keur eusian 7 bulan.
Geus sababaraha lila, ngarundingkeun sagala rupa akhirna diutuskeun Tri
Tangtu di Bumi, Sang Resi Batara Lengser, Sang Rama Prabu Anom
Jayadewata, jeung Sang Prabu Susuk Tunggal. 3 urang eta boga peran anu
beda – beda namung sarua pentingna.
Saenggeus 9 bulan, Nyai Subanglarang ngalahirkeun orok lalaki nu dibere
ngaran Walangsungsang. Pas manehna 13 taun, manehna geus dijadikeun
calon pamingpin keur engke ngagantikeun pamingpin saacana nu rek
lengser.
Didieu aya panyumaran nyaeta Dewa Niskala, ngaran aslina Hyang
Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana dimana manehna nyaeta rama na Prabu
Anom Jayadewata.
Kasaean buku : Aya
unsur agama nu dikaitkeun dina carita Tri Tangtu Di Bumi. Sipat – sipat
tokoh dina caritana oge lolobana anu bijaksana jadi sae lamun diconto
the.
Kakurangan buku : Caritana
rada bulat beulit, Nami – name tokoh dina carita anu panjang jeung loba
oge kadang – kadang ngalieurkeun. Janten macana kudu bener – bener
pisan ngaran teu patuker tiap tokohna.