Minggu, 04 Maret 2012

PATURAY TINEUNG

                   Resensi Novel Sunda Paturay Tineung 



Judul buku   : Paturay Tineung
Pangarang    : Muh. Sapari sareng Diah Ansori
Panerbit        : Nurani
Taun terbit    : 1967
Kandel buku  : 60 kaca

           
     
       Rusmadi sareng emana linggih di Bandung. Ai bapana mah, tos tujuh welas taun lebeng taya kabarna, ti keur Rusmadi umurna opat taun. Cenah mah bapana teh dibui lantaran nandasa Juragan Satya. Kitu oge lanceukna, ngiles tara raratanana, bareng jeung maotna Juragan Satya--dina peuting eta keneh.
            
          Hiji poe, Rusmadi meunang surat ti Rosdinar anu aya di Majalaya. Ngakuna mah, anjeunna teh urut babaturan Achmad, lanceukna Rusmadi. Sabab panasaran, Rusmadi indit ka Majalaya. Di Majalaya, salian ti nepungan Rosdinar tea, Rusmadi papendak sareng Jun-Jun sareng Nining. Kadituna, Jun-Jun sareng Nining boga rarasaan ka Rusmadi. Saha nu dipilih ku Rusmadi? Tiasakah Rusmadi papendak deui sareng lanceuk atawa bapana?
           
          Novel ieu masih ngagunakeun ejaan heubel anu rada hese dipikaharti di jaman ayeuna. Sanajan kitu, kusabab panulis ngagunakeun basa sapopoe, ejaan eta teu jadi panghalang. Galur carita anu pikaresepeun sarta ahir anu teu katebak jadi kaunggulan tina novel ieu.

PANGANTEN

                  Resensi Novel Sunda "Panganten" 

Jejer buku : Panganten
Panulis : Deden Abdul Aziz
Pamedal : PT Kiblat Buku Utama
Citakan : Citakan ka-2, Jumadil Akhir 1431 H./Juni 2010
Kandel buku : 99 kaca
Novel Panganten hasil karancage literer Deden Abdul Aziz nyaritakeun kahirupan kaom rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Rinrin minangka, tokoh utamana dina ieu novel boga kabogoh anu ngaranna Iyang alias Gumilang. Iyang teh maot gara-gara OD di Cipanas. Leungiteun ku Iyang, rinrin layeut jeung Ben babaturan sakamarna Iyang. Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow. Di Partenon teh Rinrin jeung Suminar sok ngaroko jeung nguyup arak. Saking layeutna Rinrin jeung Suminar teh sok diajak maok ka unggal Mall jeung sok sare bareng di Partenon. Tapi Suminar teh maot, maotna teh ku lantaran aborsi, da keur kakandungan teuing ku saha. Dina pamustungannana Rinrin gé hayang kawin teuing ka saha jeung teu jelas sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan manéh tepi ka hanteuna,manéhna ngarasa geus laksana papanganténan.
Novel Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Tapi dina novel panganten ieu ngandung kata-kata kasar jeung jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.
Sanggeus maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.

TRI TANGTU DI BUMU

RESENSI NOVEL SUNDA - TRI TANGTU DI BUMI


Jejer Buku    : TRI TANGTU DI BUMI
Panulis          : Yoseph Iskandar
Pamedal        : Pusat Studi Sunda
Citakan         : Citakan ka-1, Yayasan Pembangunan Jawa Barat, 1992
                        Citakan ka-2, Pusat Studi Sunda, Agustus 2011
Kandel Buku: 88 kaca
Ringkesan Buku :
            Putusan sawala para pangagung Nagri Galuh jeung Nagri Sunda di nagri Batulayang, kalawan distujuan ku Purohita ngara masing – masing. Namung kadaton karasa kosong sabab Prabu Dewa Niskala mindeng ngajentul nangkep tuur tuluy ambek – ambekan wae nepi ka prameswari jeung selir – selir nyalalingkir. Tinggal Rahadiyan Baribin minantuna anu maturan manehna. Prabu Dewa Niskala nananyaan tuluy ka minantuna ngeunaan Nagri Galuh jeung Nagri Sunda namung Rahadiyan Baribin teu nyaho nanaon. Nepi ka kanyahoan aya lalayang nu can nepi ka Prabu Dewa Niskala, ngajieun manehna beuki amuk – amukan.
            Kadaton Sri Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati, lima kadaton nu aya di dayeuh pakuan, Prabu anom Jayadewata datang kaditu rek nepungan mitohana. Namung basa keur ngobrol, Paman Lengser datang tuluy ngabejaan yen aya 4 urang lalaki nu maksa haying nepungan Prabu Anom Jayadewata. Opatan eta the adi – adina ti Nagri lian boga niatan rek nepikeun pesan ti kolotna ngeunaag Nagri sunda.
            Prabu Anom Jayadewata mikiran ngeunaan Nagri Sunda di imah pamajikana nu kadua Nyai Kentring Manik Mayang Sunda, namung sabab ku anteng ngobrol, tuluy teu kahaja Nyai Kentring Manik Mayang Sunda kasinggung ngeunaan hese wae boga anak, ari pamajikan Prabu Anom Jayadewata nu kahiji nyaeta Nyai Subanglarang ayeuna teh  keur eusian 7 bulan.
            Geus sababaraha lila, ngarundingkeun sagala rupa akhirna diutuskeun Tri Tangtu di Bumi, Sang Resi Batara Lengser, Sang Rama Prabu Anom Jayadewata, jeung Sang Prabu Susuk Tunggal. 3 urang eta boga peran anu beda – beda namung sarua pentingna.
            Saenggeus 9 bulan, Nyai Subanglarang ngalahirkeun orok lalaki nu dibere ngaran Walangsungsang. Pas manehna 13 taun, manehna geus dijadikeun calon pamingpin keur engke ngagantikeun pamingpin saacana nu rek lengser.
            Didieu aya panyumaran nyaeta Dewa Niskala, ngaran aslina Hyang Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana dimana manehna nyaeta rama na Prabu Anom Jayadewata.
Kasaean buku         : Aya unsur agama nu dikaitkeun dina carita Tri Tangtu Di Bumi. Sipat – sipat tokoh dina caritana oge lolobana anu bijaksana jadi sae lamun diconto the.
Kakurangan buku  : Caritana rada bulat beulit, Nami – name tokoh dina carita anu panjang jeung loba oge kadang – kadang ngalieurkeun. Janten macana kudu bener – bener pisan ngaran teu patuker tiap tokohna.

Awewe Dulang Tinande

RESENSI NOVEL AWEWE DULANG TINANDE

  


Jejer Buku         : Awewe Dulang Tinande,
Kenging             : Tjaraka
Panyetak            : Giri mukti pasaka
Taun Cetak        : 1997
Kandel Buku     : 201


Di jaman baheula kacaritakeun aya hiji jalma nu sok disebut Emang, camat anyar nu kawentar beunghar tur kasep na, lulusan ti OSVIA (Opleiding School Voor Inlands) nu sok di sebut sakola menak. Di kacamatan nu di camatan ku Emang teh aya saluwuk kampung nu didumukan ku urang arab. Di kampung ieu aya hiji pasang awewe jeung lalaki nu di angken aneh, kusabab nu lalakina kolot, jeung goreng tapi pamajikanna mah kacida geulis,bageur, tur someah. Loba nu hayangeun, ka eta awewe  turunan arab, nu ngarana Syarifah.
Hiji wanci Emang datang ka padumukan Habib, caroge Syarifah, maksud na mah si Emang teh hayang ngabuktikeun yen Habib teh boga pamajikan nu kacida geulisna. Sabarang datang ka padumukan Habib, kaleresan panto eta di bukana ku Syarifah, tuluy Emang teh bogoh ka eta awewe turunan arab.
Bulan puasa di kacamatan Emang katarajang katiga banget, solokan ngoletrak sumur-sumur rea nu saat. Emang nu apal lamun sumur di padumukan Habib mah teu saat, nganiatan bade ka padumukan Habib kangge nyuhunkeun cai, tapi kaleresan Habib nuju angkat ka luar kota, kasempetan ieu dipake ku Emang pikeun nanyakeun ka Syarifan yen kunaon manehna daek jadi pamajikan Habib nu geus kolot tur gempor. Syarifah ngajawab “ Adat urang arab mah Bendara istri teh sapamasihan sareng teu tiasa nolak kumaha Bapak pi salakieun teh teu kedah terang siga kumaha. Terang terang tos dienggon. Sanajan parantos gempor ge Abdi satia kanu jadi salaki.”
Awewe Dulang tinande mangrupa salasa hiji carita pondok nu aya dina kumpulan carita Awewe Dulang Tinande, kenging TJARAKA. Tjaraka sok ngumumkeun seratan-seratanna di majalah mangle. Salian nu mangrupa carita pondok, Anjeuna oge seuer nyeratkeun pangalaman-pangalamanna nalika singkil merjuangkeun kamerdekaan bangsa.
Dina carita – carita pondokna Tjaraka leuwih rea ngagambarkeun kaayaan sosial uarng Sunda. Imajinasina geus ngahirupkeun gambaran realitas anu kungsi kasampak dina kahirupan urang sosial sunda, kukituna carita-carita Tjaraka lain wungkul rekaan anu ngan dumasar kana fantasi anu diumbar pikeun ngabeberah hate bae. Basa sunda nu di gunakeun Tjaraka oge luyu pisan jeung kaayaan kahirupan sosial anu di gambarkeun nana.
Dina buku ieu aya sababaraha judul carita anu tiasa di jadikeun pangajaran keur kahirupan uarng sadaya, contona Haturan Agan Nunung Rajainten, Astagfirullah’al adlim, Juragan Kawasa, jeung sajabana.

resensi novel sasakala bojongemas

Resensi Novel Sunda ” Sasakala Bojongemas”

Judul               : Sasakala Bojongemas
Pangarang      : Aan Merdeka Permana
Pamedal `       : Ujung Galuh
Citakan           : 1,  2009
Kandel            : 48 kaca

Candi Bojongemas téh, pernahna sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas, Kecamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi Purna Hyang. Baheulana, nyaéta teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa. Ngan ayeuna, ukur gundukan batu. Teu kapiara. Ceunah dina taun-taun harita, dicokotan, diamankeun dibawa ka tempat séjén. Aya anu diteundeun di museum. Aya anu di bawa ka imah pribadi. Sacara resmi acan ka catet kumaha sajarahna. Tapi ari béja anupatatalépa mah aya. Mun mah ayeuna ngajengléng jadi tulisan, nya ladang béja nu dibéjakeun deui.
Sajarah mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah  masih kénéh turunan salah sahiji karajaan Tarumanegara.
Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas.
Sabagé novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.
Leupas tina kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta sajarah anu mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu novel bisa jadi ayana ngan dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa mangkukna kénéh tur miboga daya pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang Sunda.

Rabu, 29 Februari 2012

surat kecil untuk Tuhan

Judul Buku : Surat Kecil Untuk Tuhansurat-kecil-untuk-tuhan-taman bacaan-rumah pintar kembar
Pengarang : Agnes Davonar
Penerbit : Inandra Publised, Jakarta
Tahun : 2008
Tebal Novel : 232 Halaman
Kategori : True Story (non fiksi)
Andaikan,….. semua dapat terulang kembali,
Tetapi pernahkah anda berfikiran tentang itu?
Pernahkah anda mengira-ngira apa yang akan terjadi
Jika semuanya dapat terulang kembali?
Dalam novelnya ini, Agnes Davonar menekankan makna sebuah waktu dalam kehidupan di dunia ini.
Kisah nyata gadis berusia 13 tahun bertahan hidup dari kanker ganas paling mematikan di dunia.
Tuhan …………..
Andai aku bisa kembali
Aku tak ingin ada tangisan di dunia ini
Tuhan …………
Andai aku bisa kembali
Aku berharap tidak ada lagi hal yang sama terjadi padaku
Terjadi pada orang lain
Tuhan ……………
Bolehkah aku menulis Surat Kecil Untuk-Mu?
Tuhan …………….
Bolehkah aku memohon satu hal kecil pada-Mu?
Tuhan ………………
Biakanlah aku bisa dapat melihat dengan mataku
Untuk memandang langit dan bulan setiap harinya.


Cuplikan diatas adalah sepenggal bait dari tulisan Gita Sesa Wanda Cantika atau yang sering dipanggil Keke. Rabdosmiosarkoma atau kanker jaringan lunak pertama di Indonesia. Keke adalah seorang gadis remaja berusia 13 tahun. Ketika divonis memiliki penyakit kanker mematikan tersebut dalam waktu 5 hari.
Kanker jaringan lunak menggerogoti bagian wajahnya sehingga terlihat seperti monster. Walau dalam keadaan sulit keke terus berjuang untuk tetap bersekolah seperti layaknya gadis normal lainnya.
Perjuangan panjang keke dalam melawan kanker ternyata membuahkan hasil. Kebesaran Tuhan membuatnya dapat bersama keluarga serta sahabat yang ia cintai lebih lama. Keberhasilan Dokter Indonesia dalam menyembuhkan kasus kanker pertama kali terjadi di Indonesia ini menjadi prestasi yang membanggakan sekaligus membuat semua dokter dunia bertanya-tanya.
Namun kanker itu kembali setelah pesta kebahagiaan sesaat. Keke sadar nafasnya di dunia semakin sempit. Ia tidak marah pada Tuhan, ia justru bersyukur mendapatkan kesempatan untuk bernafas lebih lama dari lima hari bertahan 3 tahun lamanya, walaupun pada akhirnya ia harus menyerah. Dokterpun akhirnya menyerah terhadap kankernya. Di nafas terakhir itulah ia menuliskan sebuah Surat Kecil Untuk Tuhan.

Surat yang penuh dengan kebesaran hati remaja Indonesia yang berharap tidak ada air mata di dunia ini terjadi padanya, terjadi pada siapapun. Kalimat tersebut ternyata merupakan tema pokok novel ini.
Tokoh Keke merupakan teladan bagi kaum remaja semuanya, Keke adalah tokoh masih muda,tidak putus asa, selalu mensyukuri nikmat dan tidak mengeluh akan semua cobaan yang dihadapinya. Ia selalu berusaha ceria di depan orang-orang terdekatnya walaupun dengan semua cobaan yang dihadapinya.
Dapat dilihat pada bagian V tentang “Hari Indah Itu Telah Datang” pada paragraph ke-3, Aku mensyukuri semua karena ini adalah cobaan Tuhan untukku.
Kesalahan besar bagi seorang teman apabila lebih mementingkan egonya demi kepentingan pribadi, Padahal temannya tersakiti. Seharusnya seorang teman harus mempunyai rasa pengertian dan kebersamaan yang tinggi kepada temannya sendiri.
Agnes Davonar, sebagai pengarang yang berpengalaman mampu menghidupkan jalan cerita dengan urut mulai dari bagian I samapai XI, dan mampu menghidupkan suasana waktu terjadi ketegangan.
Dalam hal ini pengarang sering memasukan pesan-pesan yang disampaikan melalui dialog para tokoh, dialog seperti itu tidak sesuai setting.
Terlepas dari kekurangan yang ada, hadirnya Novel “Surat Kecil Untuk Tuhan” menambah peredaran novel di Indonesia. Novel ini teramat sayang untuk kita lewatkan begitu saja, karena novel ini bisa menambah nilai moral remaja Indonesia.

BIODATA Erni Nurilah, S.Pd. MM.Pd


BIODATA
Nama                      : ERNI NURILAH
NIP                         : 19640901 198803 2 005
TTL                        : Sukabumi, 01 September 1964
Pangkat/Gol           : Pembina, IV/a
Masa Kerja           : 23 Tahun
Alamat                   : Purwasedar I RT 01/01 No. 16
                                  Desa Padajaya Kec. Jampangkulon
                                  Kab.  Sukabumi – Jabar
Telp./Hp                 : (0266) 490387 / 081563216950
E-mail                    : erninurilah@yahoo.co.id
Pendidikan            : D-3 IKIP Bandung, Bahasa dan
                                         Sastra Indonesia 27 November 1987
                                  S-1 Universitas Terbuka UPBJJ
                                         Bandung, 22 Mei 2001
                                  S-2 Sekolah Tinggi Ilmu Manajemen
                                         IMNI Jakarta, 3 Februari 2011
Diklat                    : 1 x Tk. Nasional  3 x Tk. Provinsi
Peng. Mengajar                : - MTs Al-Fakhriyah       1987-1988
                                  - SMPN 1 Jampangkulon             1987-1988
                                  - SMAN 1 Sagaranten   1988-1995
                                  - MA Nida Bahari                           2003-2007                
                                  - SMAN 1 Jampangkulon            1995 s.d. sekarang

MENIKAH
          MINGGU, 10 September 1988
          SUAMI :Dadang Heryanto, M.Pd.
          Anak-anak :
          1. Nidaul Hasanah(mahasiswa)
          2. Dania Meida Rosyidah(siswa SMA)
3. Rizaldi Fauzan Lazarefo(Siswa SMP)